Chord Kunci Gitar & Lirik Lagu Mang Darman – Doel Sumbang
Intro : Am F (3x)
Am F
Mang darman urang sadang serang
Am F
Geus 7 taun dagang jeruk di tanggung
Am F
Teu tangtu dimana mangkalna
F Am F
Nu penting mah asal rame wae tempatna
Am F
Lamun kudu nyaritamah, nya tangtu cape
F
Nanggung jeruk unggal poe,
Am
indit isuk balik sore
Am F
Bari bati teu sapira, ngan nya kudu dikumaha
F Am F
Da sakitu kanyataanana
Am F
Komo deui mang darman teh boga anak
F Am
Nu masih di SD keneh
Am F
Kaperluana teh loba kacida
F
Da geuning ayeunamah
Am F
sakola teh sagala duit waduk
Am F
Ongkoh wajib belajar
F Am
Nya wajib mah tinggal wajib
Am
Tapi ari keur nu sangsara
F
mah angger weh sesek napas
Int : Am F
Am F
Kungsi hiji waktu budakna mang darman
F Am
teu menang asup sakola
Am F
Kulantaran 3bulan can mayar SPP
F Am
mang darman bati ngahelas
F
Da rek dikumaha deui ,
Am
puguh hirup ngan sakitu-kituna
F
Komo pan dagang jeruk mah teu tangtu…
Am
Hayang beak satanggungan teh
F Am F
Bisa sapoe bisa sabulan
Am
Nya ku sabab euweh deui jalan,
F
kapaksa mang darman nginjem
Am
Ngijemna kasaha deui mun
lain ka tukang renten
F
Da geus puguh ari
tatangganamah sarua wae
Am
Imah nu sagede kandang monyet
F
teh suratna di borehkeun
Nya tong reuwas
Am
lamun waktu malikeun leuwihna
F
ditangtukeun sakitu persen na
F
Da geus puguh ari tukang
Am
renten mah ti baheula oge
F
leuwih edan batan ucing garong
F Am
leuwih edan batan ucing garong
F Am
Karunya teuing mang darman
Am
Eukermah hirup ka pencet,
F
aya nu nambah ngagencet
Am
Uyuhan teu pejet oge