Lirik Lagu Yayan Jatnika – Pukah

Posted on

              https://www.afyinfo.com/

Lirik Lagu Yayan Jatnika – Pukah

Satadina sugan teh moal rek cidra
Boro betah mika nyaah mika cinta
Ka manehna kuring geus asa miboga
Geuning asih teh lain nu kuring
Katresna gancang luncatna
Milih nu lian
Diri kuring ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas pikeun nyorang paniatan
Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
Peurih~~ asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung, ngalanglayung
Anjeun datang deui
Sanggeus meunang kanyeri
Tapi hate teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan anjeun tega
Ngulinkeun rasa kacinta
 
Asih nu mimiti
Pukah teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman
Diri kuring ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas pikeun nyorang paniatan
Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
Peurih~~ asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung, ngalanglayung
Anjeun datang deui
Sanggeus meunang kanyeri
Tapi hate teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan anjeun tega
Ngulinkeun rasa kacinta
Asih nu mimiti
Pukah teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *